728x90 AdSpace

Arsip BSC
  • Berita Terbaru

    Dongeng Sunda : Gagak Sombong....!!!

    Dongeng Sunda : Gagak Sombong....!!!
    Aya gagak maling dengdeng ti pamoean. Geleber hiber bari ngaheumheum dengdeng tea kana tangkal dadap sisi lembur. 

    Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina. 

    Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggeus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya, malah teu direret-reret acan.

    Anjing mikir piakaleun supaya dendeng tea kapimilik ku manehna. Sanggeus manggih anjing ngomong, Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih ge moal eleh.” 

    Mimitina mah omongan anjing teh teu didenge. Tapi sanggeus aya omongan moal eleh ku cendrawasih, gagak atoheun pisan. Manehna kungsi meunang beja yen cendrawasih teh manuk pang hadena. 

    Tapi ceuk anjing manehna moal eleh”. Kitu nu matak manehna ngarasa ngeunah kupamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa haying ngabagi dengdeng jeung anjing. Ngan kusabab hese meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.

    Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manehna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon hesena muji-muji keur ngahontal kahayangna.Kusabab kitu pok deui anjing nyarita”Lamun daekeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna, ngan rumasa sorangan mah sato hina. Saumur-umur kudu ngadunungan, sare digolodog, rajeun manggih hakaneun oge pasesaan. Tapi najan teu bisa nyobat oge jeung manuk lucu, atuh ngadenge-ngadenge sorana. Meureun moal panasaran teuing!”.

    Barang ngadenge pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum dengdeng, ngan ngong we disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk we dengdeng teh murag. Anjing gancang nyantok dengdeng nu murag tea tuluy dihakan di nu bala.

    Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak teh cindekul we dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing. Manehna karek ngarti yen anjing muji bebeakan teh haying dengdeng nu keur diheumheum ku manehna.

    Ti dinya mah geleber gagak teh hiber kana tangkal kai rek neangan hileud keur ganti dengdeng nu disantok ku anjing.


    Diposting oleh Poerwalaksana
    Arsip BSC Updated pada: Rabu, Januari 14, 2015
    Poerwalaksana

    Poerwalaksana is a freelance web designer and developer with a passion for interaction design.

    Facebook Group: Bandung Social Community

    • Blogger Comments
    • Facebook Comments

    0 komentar:

    Posting Komentar

    Item Reviewed: Dongeng Sunda : Gagak Sombong....!!! Rating: 5 Reviewed By: Poerwalaksana
    Scroll to Top